hiji poe si nini asih dek indit balanja ka pasar, si asep incuna kebeneran nyimpang sa acan indit gawe dek mikeun oleh oleh ti harut pamere calon mitoha si asep . :bball: hiji carita si asep nawaran si nini supaya sakalian indit ka pasar babarengan naek motor....
asep : nini bade angkat kamana ?
nini : nini rek ka pasar jang
asep : atuh bareng we jeung asep kana motor ni da arah tempat damel asep sa arah
nini :
kana motor
asep : muhun ni, naha kitu ni kunaun?
nini : teu nanaon jang, ngan nini kakarak we naik motor
Asep : hayu ni da moal nanaon muntang we cing pageuh
harita si nini anu geus siap2 bari mawa tas balanjaan isi rantang kosong ngingkig ka hareup, si nini teu poho nulakan imahna jeung pageurna. si asep geus nungguan di hareupeun pager bari geus ngagerung gerung motorna
asep : ni sok geura naek ?
nini : muhun jang kela ( bari jeung nyingsatkeun samping na anu weuteuh keneh)
harita si nini naek kana motor.......
asep : ni atos siap ni?
nini : muhun jang
asep : sok muntang cing pageuh ni
nini : oh enya muntang cing pageuhnya jang
asep : muhun ni. tos ni siap?
nini : siap jang
akhirna si asep nancap gas motorna rada tarik..................
gubbbbraggggggggggggkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkk....
gubraaaaakkkkkkkkkkkkkkkkkkk pranggg...prangggggg..pranggggg
si asep kalintang rewasna ngadangu sora aya anu ngagubrag... harita keneh si asep ngereunkeun motorna bari jeung ngalieuk ka tukang
Asep : astagfirullah al adzimmm niniiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiii................
si asep buru2 malikeun motorna nyamperkeun si nini
Asep : ari nini ku naun... pan tadi ku asep di piwarang muntang cing pageuh
"si nini kadon cicing kadon ngusapan cangkeng na bari aduh aduhan .suku jeung leungeunna ge barared....
asep : naha atuh nini tadi muntang kana naon?
nini : tadi kan asep nitah nini muntang . nya nini teh muntang we kanu pager cing pageuh....
asep : beuuuu eta nini