Hatur nuhun kana kasumpinganna baraya
sok klik tombol login upami bade lebet
upami teu acan janten member, teu aya lepatna upami daftar di ieu forum, mangga klik tombol pendaftaran
hatur nuhun
haturan ti simkuring
admin sareng rerencangan saparakanca
Wargi Bandung Salapan
Hatur nuhun kana kasumpinganna baraya
sok klik tombol login upami bade lebet
upami teu acan janten member, teu aya lepatna upami daftar di ieu forum, mangga klik tombol pendaftaran
hatur nuhun
haturan ti simkuring
admin sareng rerencangan saparakanca
Wargi Bandung Salapan
Would you like to react to this message? Create an account in a few clicks or log in to continue.
WILUJEUNG SUMPING BARAYA Forum Komunitas Chat Room Bandung Salapan, sarana berbagi dan mempererat persaudaraan Mangga ulah isin2 teras we kalebet sakantenan anggo sendalna
PENGUMUMAN KASADAYANA MEMBER WAJIB DIBACA MANGGA KLIKDIDIEU
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
Subyek: Kumpulan Rumpaka lagu Kawih sunda 8/11/2011, 19:57
Sangian/Rumpaka : Mang Koko Laras : madenda B A T I K
Samping Batik ngandung Wanda Sinar na teu suda-suda Di kampung-Kampung di kota Nambah komara wanita Sieup di teuteup mojang kiwari Rincik di tilik kawanti-wanti Lamban ngangdung pellet batik lereng bayonet Matak bengong nu ngareret gejed milo
Robah jaman narekahan Jadi mode, Kalakonan Sawarna ning papakean Tulis Batik di tumpalan Mega mendungan batik Cirebon Tulis nu asli motip kembangan Setelan kabaya anu manis dangdosna Nambah asri nu nganggona cahayaan
Batik corak nasional harga na teu pati mahal Usahana pantrang gagal kiwari internasional Batik nu narik buatan tasik, batik nu manis Ngan ti ci amis batik los ngumbara Gajleng ka amerika Ngambah sakuliah dunia Tatalepa
Samping batik babar sawit, Sari na moal rek leungit Erok batik pake dangsa jorelat nambah cahaya Keur panas poe ereng-erengan Ngatur dangdosan keur papanasan Rok batik sacewir, Tonggong leungeun buligir Kapanasan rada nyengir, usum batik
Batik teu kateler-teler, kiwari jadi populer Teu wungkul di Indonesia, tapi sakuliah dunia Kameja koboy aya baturna Kameja batik masieup kota Piyama ku batik, sarung angel ku batik Jubah jeung gardeng ku batik, Kabeh batik
Midang ginding make batik Henteu ngan wungkul ti tasik Tapi meni unggal kota Pakean sagala bangsa Sagala batik ceuyah di kota Sumanget batik di mana-mana Kimono kubatik mode show tina batik Kulit sapatu ku batik Kabeh batik
Terakhir diubah oleh kang yayat tanggal 10/11/2011, 23:14, total 2 kali diubah
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
Subyek: Re: Kumpulan Rumpaka lagu Kawih sunda 8/11/2011, 20:06
Sangian : H. Koko Koswara Rumpaka : Nano S Laras : Madenda
H I R U P
Geus di tebarkeun mustika hirup ti wiwit lahir Geus di kocorkeun bayuning tresna, geusan panyaeur Mangka jadi kuat ati, mangka tuwuh juuh asih Eehh naratas jalan, neretes gawe muni keeling
Samakta bral miang tandang, sing ajeg ngabela tangtung Prak gawe bakti, rumaksa ka lemah cai Getih jeung kesang sing nyangsang dina puseuring kahayang Nikmat jeung senang sing nyerep, lain ngan ukur keur urang
Golak hirup miwanda lautan ombak Ngayun tincak ngagoda urang tumamprak Teu kudu ring-rang kapan tamaha urang balayar
Sanghareupan binarung ati nu sabar Nyengcelak munara cahya, Nu jirim na alam batin Hirup, di anjeuna hirup ka anjeuna madep Gusti Nyanggakeun raga jeung nyawa, Kuring teu ngaboga-boga
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
Subyek: Re: Kumpulan Rumpaka lagu Kawih sunda 8/11/2011, 20:10
Sangian : H. Koko Koswara Rumpaka : H. Koko Koswara Laras : Madenda DUH INDUNG
Duh indung, ngaraksa ngajaring anak najan rungsing matak pusing heunteu weleh deudeuh, mikanyaah asih di momong jeung di titimang
Duh indung ngaping ngadama-dama Anak nga mumule buah hate Ngajung- jung tur ngugung-ngugung Anak di jieun puputon
Duh indung, duh indung timang titi Ngamongmong anak Duh indung, Aduh indung Teu kendat ngadu du’a
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
Subyek: Re: Kumpulan Rumpaka lagu Kawih sunda 8/11/2011, 20:12
Sangian : H. Koko Koswara Rumpaka : Dedi Widiyagiri Laras : Pelog
SARIANG LAYUNG
Sariak layung di gunung Hiber pasini patepung lawung Teuteup jauh ngawang-wang nu di pigandrung Duh…ngawang wang nu di pigandrung
Haredong meuhpeuy harideung Jalan satapak rarambu leuweung Kumalangkang renghapna nu di pitineung Duh…renghapna nu di pi tineung
Surya surup layung hibar Katanjakan sawangan di umbar Geus ngolebat ieung, samar, samar Hariring asihna katineung ngalalar
Angin tiis ti mumunggang Kaitipan harewos kamelang Tawis deudeuh ieung nu mamaranti Sungkeman kaheman Saranggeuy malati
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
Subyek: Re: Kumpulan Rumpaka lagu Kawih sunda 9/11/2011, 16:06
Sangian : H. Koko Koswara Rumpaka : Dedi Widiyagiri Laras : Pelog TINA JANDELA
Tina jandela urang silih kiceupan Lemu paneuteup, deudeuh jeung geugeut teup eunteup Taya nu nyora simpe henteu nyarita Ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan
Lir nu keur ngimpi, Lir nu keur ngimpi, Gambar lamunan naon geuning nu teu katepi Lir nu di sirep, Lir nu di sirep, Geter katineung deudeuh geuning reup…rerep
Tina jandela urang silih gupayan Imut kareueut raga katresnan pa deukeut Langit keur lenglang, jauh tina kamelang Urang jadikeun galuh pasini lawungkeun
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
Subyek: Re: Kumpulan Rumpaka lagu Kawih sunda 9/11/2011, 16:17
Sangian : H. Koko Koswara Rumpaka: Winarya, art Laras : Madenda
HAREUPEUN KACA
Hareupeun kaca ngajanteng salila-lila Ruman alum gurat duka atra narembongan Hareupeun Kaca sagala nu karandapan Lalakon katukang-tukang nungtut dararatang
Reueuk rumeuk dina eunteung Semu keueung semu nineung Jiwa awaking nyarita Jiga nu nganaha-naha
Duh ieung geuning, jiga nu nganaha-naha Bejakeun deudeuh bejakeun Rumasa geus katalimbang
Hareupeun kaca sagala nu karandapan Lalakon ka tukang-tukang Nungtut dararatang