Wargi Bandung Salapan
Hatur nuhun kana kasumpinganna baraya
sok klik tombol login upami bade lebet
upami teu acan janten member, teu aya lepatna upami daftar di ieu forum, mangga klik tombol pendaftaran
hatur nuhun

haturan ti simkuring

admin sareng rerencangan saparakanca
Wargi Bandung Salapan
Hatur nuhun kana kasumpinganna baraya
sok klik tombol login upami bade lebet
upami teu acan janten member, teu aya lepatna upami daftar di ieu forum, mangga klik tombol pendaftaran
hatur nuhun

haturan ti simkuring

admin sareng rerencangan saparakanca
Wargi Bandung Salapan
Would you like to react to this message? Create an account in a few clicks or log in to continue.


WILUJEUNG SUMPING BARAYA
Forum Komunitas Chat Room Bandung Salapan, sarana berbagi dan mempererat persaudaraan
Mangga ulah isin2 teras we kalebet sakantenan anggo sendalna
 
IndeksWilujengSumpingGalleryPencarianLatest imagesPendaftaranLogin
PENGUMUMAN KASADAYANA MEMBER WAJIB DIBACA MANGGA KLIKDIDIEU
Pilihan
 Wilujeung Sumping
 Indeks
 Anggota
 Profil
 FAQ
 Pencarian
Login ka email bandung salapan
Login
Username:
Password:
Login otomatis: 
:: Lupa password?
Pencarian
 
 

Display results as :
 
Rechercher Advanced Search
Latest topics
» Obat Alami Penurun Kolestrol Anak
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime16/1/2015, 08:56 by neng ikeu

» Cara Alami Menurunkan Tekanan Darah Tinggi
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime16/1/2015, 08:54 by neng ikeu

» Cara Menghilangkan Benjolan Di Anus
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime6/1/2015, 11:23 by neng ikeu

» Nutrisi Daya Tahan Tubuh Alami
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime6/1/2015, 11:21 by neng ikeu

» Agen Slimming Capsule Terbesar Dan Terpercaya
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime1/1/2015, 10:06 by neng ikeu

» Minyak Ikan
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime1/1/2015, 10:02 by neng ikeu

» Obat Liver Dan Ginjal
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime12/11/2014, 11:44 by kuuljoger

» cara mengatasi pegal linu di bagian kaki
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime24/10/2014, 14:23 by kuuljoger

» cara mengatasi radang usus 12 jari dengan cepat
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime21/10/2014, 14:05 by kuuljoger

» cara mengobati hepatitis kronis
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime11/10/2014, 11:19 by kuuljoger

» tips mengobati campak pada bayi
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime2/10/2014, 15:27 by kuuljoger

» cara mengobati campak pada anak bayi
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime2/10/2014, 15:26 by kuuljoger

» nepangkeun
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime8/9/2014, 09:01 by aeptea69

» Salam Manis
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime5/9/2014, 15:22 by kuuljoger

» Perkenalan Heula Atuh
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime19/4/2014, 10:13 by Ujang Poheng

Perkenalan Heula Atuh
RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime19/4/2014, 10:13 by Ujang Poheng
Askum kang admin, Baraya ti kota atuh dulur nu ti lemburrr nepangkeun abdi pituin urang …

[ Full reading ]
Comments: 0
Buku Tamu
March 2024
MonTueWedThuFriSatSun
    123
45678910
11121314151617
18192021222324
25262728293031
CalendarCalendar
User Yang Sedang Online
Total 17 uses online :: 0 Terdaftar, 0 Tersembunyi dan 17 Tamu

Tidak ada

User online terbanyak adalah 89 pada 13/2/2024, 19:20
Statistics
Total 2842 user terdaftar
User terdaftar terakhir adalah yosqi habibulloh

Total 4339 kiriman artikel dari user in 712 subjects
Top posters
ci_Badeur
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcapRUMPAKA KAWIH SUNDA I_voting_barRUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap 
direktur_bdg9
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcapRUMPAKA KAWIH SUNDA I_voting_barRUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap 
garotis_79
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcapRUMPAKA KAWIH SUNDA I_voting_barRUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap 
fanny_inochi
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcapRUMPAKA KAWIH SUNDA I_voting_barRUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap 
Admin
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcapRUMPAKA KAWIH SUNDA I_voting_barRUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap 
dank_thea
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcapRUMPAKA KAWIH SUNDA I_voting_barRUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap 
doetz86
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcapRUMPAKA KAWIH SUNDA I_voting_barRUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap 
Timen
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcapRUMPAKA KAWIH SUNDA I_voting_barRUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap 
ronghok
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcapRUMPAKA KAWIH SUNDA I_voting_barRUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap 
anfuk_cjr
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcapRUMPAKA KAWIH SUNDA I_voting_barRUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap 
Poll
numutkeun baraya tampilan ieu forum kumaha...???
1. Sae Pisan
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcap44%RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap
 44% [ 232 ]
2. Lumayan
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcap31%RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap
 31% [ 165 ]
3. Kirang Sae
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcap5%RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap
 5% [ 25 ]
4. Goreng Patut
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcap8%RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap
 8% [ 40 ]
5. Ahk Teu Apal
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcap4%RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap
 4% [ 23 ]
6. Ya gitu dech
RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_lcap8%RUMPAKA KAWIH SUNDA I_vote_rcap
 8% [ 43 ]
Total Suara : 528
Gallery
RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty

 

 RUMPAKA KAWIH SUNDA

Go down 
PengirimMessage
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime10/11/2011, 23:07

Bilih aya anu seneng kana lagu-lagu kawih sunda mangga nimbrung didieu
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime5/1/2012, 17:00

HIRUP

Sangian : H. Koko Koswara
Rumpaka: Nano S
Laras : Madenda

Geus di tebarkeun mustika hirup ti wiwit lahir
Geus di kocorkeun bayuning tresna, geusan panyaeur
Mangka jadi kuat ati, mangka tuwuh juuh asih
Eehh naratas jalan, neretes gawe muni keeling

Samakta bral miang tandang, sing ajeg ngabela tangtung
Prak gawe bakti, rumaksa ka lemah cai
Getih jeung kesang sing nyangsang dina puseuring kahayang
Nikmat jeung senang sing nyerep, lain ngan ukur keur urang

Golak hirup miwanda lautan ombak
Ngayun tincak ngagoda urang tumamprak
Teu kudu ring-rang kapan tamaha urang balayar

Sanghareupan binarung ati nu sabar
Nyengcelak munara cahya, Nu jirim na alam batin
Hirup, di anjeuna hirup ka anjeuna madep Gusti
Nyanggakeun raga jeung nyawa,
Kuring teu ngaboga-boga
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime5/1/2012, 17:02

SARIAK LAYUNG

Sangian : H. Koko Koswara
Rumpaka: Dedi Widiyagiri
Laras : Pelog

Sariak layung di gunung
Hibar pasini patepung lawung
Teuteup jauh ngawang-wang nu di pigandrung
Duh…ngawang wang nu di pigandrung

Haredong meuhpeuy harideung
Jalan satapak rarambu leuweung
Kumalangkang renghapna nu di pitineung
Duh…renghapna nu di pi tineung

Surya surup layung hibar
Katanjakan sawangan di umbar
Geus ngolebat ieung, samar, samar
Hariring asihna katineung ngalalar

Angin tiis ti mumunggang
Kaitipan harewos kamelang
Tawis deudeuh ieung nu mamaranti
Sungkeman kaheman
Saranggeuy malati
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime5/1/2012, 17:06


HAREUPEUN KACA

Sangian : H. Koko Koswara
Rumpaka: Winarya, art
Laras : Madenda

Hareupeun kaca ngajanteng salila-lila
Ruman alum gurat duka atra narembongan
Hareupeun Kaca sagala nu karandapan
Lalakon katukang-tukang nungtut dararatang

Reueuk rumeuk dina eunteung
Semu keueung semu nineung
Jiwa awaking nyarita
Jiga nu nganaha-naha

Duh ieung geuning, jiga nu nganaha-naha
Bejakeun deudeuh bejakeun
Rumasa geus katalimbang

Hareupeun kaca sagala nu karandapan
Lalakon ka tukang-tukang
Nungtut dararatang
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime5/1/2012, 17:11


PEUTING JEUNG PANGHAREPAN

Sangian : H. Koko Koswara
Rumpaka : R A F
Laras : Pelog

Jep angin entong nyoara
Bongan heunteu mawa beja, teu mawa beja
Geus bentang ulah ngiceupan
Bongan teu mawa titipan
Duh gusti, teu mawa titipan

Mega anggur geura leumpang
Pek pindingan itu bulan, tuh itu bulan
Bongan neuteup ti tatadi
Bongan neuteup ti tatadi
Tapi teu mawa janji, duh teu mawa jangji

Duh peuting ku teungteuingeun
Datang ukur mawa keueung
Duh, mawa keueung
Heunteu ngirim pangharepan
Heunteu beja-beja acan, jungjunan, Teu beja acan

Boro lila di tungguan
Sugan anjeun babawaan, duh babawaan
Datang mawa pihapean, Datang mawa pihapean
Talatah iber jungjunan, duh iber jungjunan

Mun radio geus karungu
Nembangkeun lagu pamungkas
Mirig sora hanca halon pileuleuyan
Peuting cicing kota jempling
Jerit hiji lagu kedaling kakeueung hate aduh

Mun balebat geus gagantina
Geus hibar wetaneun Bandung
Angin nonggoh lalaunan muru lembang
Bulan surup, langit biru
Tamat hiji lagu harepan tembong ngalakang, aduh

Harowos peuting marengan hiji lamunan
Bulan di Langit Bandung Nyaangan
Ngagentenan paneuteupna pangimplengan
Langit isuk angger biru
Nya eulis da angger biru

Hariring peuting pamirig hiji impian
Bulan di langit Bandung nyaksian
Wawakil ti pameunteuna, panineungan
Kembang mawar angger beureum
Nya eulis da angger beureum

Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime6/1/2012, 07:13

ANGIN PRIANGAN

(Cipt. Mang Koko)

Seungit angin Priangan

Ngusapan embun-embunan duh embun-embunan

Hawar-hawar reureundahan ngahariring

Ayun ambing, ayun ambing

Seungit angin kahyangan

Sumerep na lelembutan duh na lelembutan

Hawar-hawar reureundahan ngahariring

Eling-eling mangka eling

Dengkleung dengdek 2 x sisi lamping

Anu dewek enya anu kuring

Tanah wasiat tanah duriat

Anu matak tibelat nya rarasaan

Dengkleung dengdek 2x sisi lamping

Anu dewek enya anu kuring

Tanah katresna jati sarakan

Anu tetep marengan nya lelembutan
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime6/1/2012, 07:19

ANJEUN

(Cipt. Nano S.)

Teu aya deui, nu mikancinta iwal anjeun

Teu aya deui, nu mikamelang iwal anjeun

Pangnyaahna sadunya, pangbageurna sadunya iwal anjeun

Anu heman tur daria, anu jangji satia ngan ukur anjeun

Duh aduh aduh aduh

Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun

Duh aduh aduh aduh

Hate reugreug aya sagigireun anjeun

Ngan saeutik hanjakalna

Lamun tepang osok ngajak rurusuhan

Dasar kudu kanyahoan

Horeng anjeun geus rimbitan

Teu aya deui nu jadi pikir iwal anjeun

Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun

Inggis beunang ku batur

Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun

Unggal peuting babacaan

Mapatkeun pelet asihan husus keur anjeun

Duh aduh aduh aduh

Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun

Duh aduh aduh aduh

Hayang deukeut, hayang geugeut

Ngan jeung anjeun

Dasar kudu kanyahoan

Ngirim surat salah ngasupkeun eusina

Gurat sial jeung cilaka

Putus ka ditu ka dieu
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime6/1/2012, 07:22

BULAN LANGLAYANGAN PEUTING

(Cipt. Mang Koko)

Bulan teh langlayangan peuting enung…

Nu ditatar dipulut ku tali gaib,

Entong salempang mun kuring miang,

Ditatar di tatar Sunda,

Dipulut nya balik deui ka dieu,

Ieuh mah percaya.

Bulan teh langlayangan peuting enung…

Nu ditatar dipulut ku tali gaib,

Entong salempang mun kuring miang,

Ditatar di tatar Sunda,

Dipulut nya balik deui ka dieu,

Ieuh masing percaya.

Bedil geus dipeloran,

Granat geus disorendang,

Ieuh kuring arek tandang,

Jeung pasukan Siliwangi,

Ka Jogja hijrah taat parentah.
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 21:42

Angkrék Japati

Angkrék japati
na cangkring keur karembangan
sisi wahangan barodas
kareta api geus datang
sinyal geus muka
reg di stoplas Cibodas

gupay-gupay anaking
gupay-gupay digupaykeun
ku manéhna

reumbay-reumbay anaking
reumbayna nginjeum cipanon
ti manehna.

Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 21:46

Tina Jandela

Tina jandéla urang silih gupayan
lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut
neuteup eunteub
tara nu nyora simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan

Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi
gambar lamunan naon geuning nu katepi.

lir nu disirep, lir nu disirep
geter katineung reureuh geuning, rep rerep.

Tina jandéla urang silih kiceupan
imut kareueut raga katresnaan padeukeut
langit keur lenglang jauh tina kamelan
gurang jadikeun galeuh pasini lawungkeun.

Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 21:49

Hariring Nu Kungsi Nyanding

Purnama nu kungsi leungit
ayeuna nganjang ka buruan deui
anu kungsi kapiati
kiwari urang ditepangkeun deui.
Hariring nu kungsi nyanding
ayeuna datang ngahaleuang deui
hayu pataréma tineung
cacapkeun meungpeung aya kasempetan

Ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas
narawangan haté bangbras
Ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas
narawangan ati bangblas.
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 21:50

Imut Malati

Imut malati
wengi tadi geuningan patepang deui
nu kapiati ti kapungkur
jungjunan dianti-anti

Ti Gunung Putri
sareng saha salira lungsur ka landeuh
lagu kamari ngagalindeng
lalakon gending kadeudeuh

Najan sakedap jorélat tunjung balébat
éstu mo hilap karaos matak tibelat
ku henteu terang mulihnaku henteu terang mulihna
eeh, naha iraha.

Najan mung imut saulas sakilat ilang
tansah kairut hanjakal teu sering tepang
ku henteu terang léosnaku henteu terang léosna
eeh, geuning kamana.

Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 21:53

Kembang Impian

Antara lolongkrang kiceup
urang pateuteup
bulan pias enteupna lalangsé kayas
kaca jandéla nu muka
kaca katresna nu muka
peuting téh teuing ku jempling
asih téh teuing ku wening

Pangharepan lir laut nu jero
teu katepi ku sora panggero
urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
urang tataran ku karep jeung pangharepan.

Tong teuing ngedalkeun lisan
urang guneman
na ciptaan bagja deukeut patémbongan
geter ti ati ka ati
hiber jadina pasini
saranggeuy kembang impian
sungkemeun kana lamunan.
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 21:55

Kembang Tanjung Panineungan

Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
di pakarangan nu reumis kénéh
harita keur kakandungan ku hidep
geus opat taun katukang
ema nyipta mulung béntang
nu marurag peuting tadi
béntang seungit ditiiran pangangguran.

Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
beut henteu sangka aya nu datang
ti gunung rék ngabéjakeun bapa hidep
nu opat poé teu mulang
ngepung gunung pager bitis
cenah tiwas peuting tadi
layonna keur ka dieukeun, dipulangkeun.

Harita waktu layonna geus datang
ema ceurik ieuh, balilihan
ras ka hidep ieuh na kandungan
utun inji budak yatim deudeuh teuing
harita waktu layon geus digotong
ema inget ieu kana tanjung
dikalungkeun napasaran
kembang asih panganggeusan ieuh, ti duaan

Anaking jimat awaking
lamun ema mulung tanjung reujeung hideup
kasuat-suat nya pipikiran
tapina kedalna téh ku hariring
hariring éling ku éling kana tanjung
nu dipulung éh, kembang tanjung
nu nyeungitan pakarangan
nu nyeungitan haté urang, panineungan
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 21:56

Longkéwang

[Baheula mun pareng nganjang
suguhna imut nyi lanjang
asih nu nganteur harepan
pasini na kasadrahan.] x 2

Mmmh, deudeuh teuingna peuting héab naraka
aya nyawa milar raga
bébéné mulang ti heula
bébéné mulang ti heula.

Mmmh, deudeuh teuing
na peuting hujan cimata
aya waruga palastra
jajaka raheut haténa
jajaka raheut haténa.

[Ayeuna mun pareng nganjang
nu témbong ukur kalangkang
mega mendung na jajantung
lagu liwung na bangbarung.] x 2
.. lagu liwung na bangbarung.
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 21:56

Malati di Gunung Guntur

Malati di Gunung Guntur
seungitna sungkeman ati
bodas sésétraning asa
jadina tina mumunggang
leuweung larangan.

Malati di Gunung Guntur
hanjakal henteu dipetik
béja geus aya nu boga
ngahaja melak di dinya tara guriang.

Ayeuna kurang geus jauh
malati sosoca gunung
boa geus aya nu metik duka kusaha.

Kamari jol aya beja
malati ratna mumunggang
majar can aya nu metik duka kunaon.

Malati di Gunung Guntur
ligar dina panineungan, na panineungan
na saha nu baris metik
kuring mah da puguh jauh
biheung kadongkang.
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 21:57

Purnama Urang Nu Boga

Hibar deui purnama, hibar na ati
nyanding kembang malati nu kapiati
aya asih sumérén dina lahunan
aya deudeuh gumulung jero tangtungan
urang teang, enung,
poé isuk bulan sumedang wangi
urang seuseut, enung,
asih suci ari sumujud sari pangaji

Gelar deui lalakon, gelar ayeuna
nyampak lagu wirahma deudeuh kameumeut
taman éndah dicipta tempat ngabungbang
tepung teuteup duaan bunder kageugeut

langit béngbras, eulis,
bulan pinuh ngagenyas sutra kadéwan
angin lamping, eulis,
ngelus laun ari haréwos béja kiriman

Hayu enung patémbongan
paheut jangji panganténan, geuning
hayu enung patémbongan
paheut jangji panganténan
purnama urang nu boga
ari purnama urang nu nampa.
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 21:58

Sagagang Kembang Ros

Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.

Runtuyan haréwos jangji pasini katampi
moal weléh mikahéman, ieuh asih nu wening.
Sarining kembang jatining asih
jadi angkeuhan, duh urang duaan.

Ngaca pangharepan panteng kayakinan
na dasaring ati urang duaan.
Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.

Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 22:00

Salam Manis

Ieu salam manis
manis salam kuring
nya ieu pisan nu salawasna nyanding
nyaring ngahariring

Ieu salam manis
manis salam kuring
nya ieu pisan nu salilana nganteng
anteng kapitineung
Datangkeun kuring deukeutkeun
deukeutkeun kuring raketkeun
duh, dunungan
datangkeun kuring deukeutkeun
deukeutkeun kuring raketkeun


Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 22:02

Salempay Sutra

Salempay sutra disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan,
duh.. ti jungjunan.

Salempay sutra disulam mangrupa kembang
tawis asih ti kakasih,
duh.. ti kakasih.

Ngaraketkeun hubungan batin duaan
mupus waswas jeung cangcaya
di juruna disulam ngaran singgetan
ngaran kuring jeung manéhna.

Salempay sutra disulam
jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan,
duh.. ti jungjunan.

Hiji tawis soca duh salempay sutra
jadi jimat pangreugreug ati
disulam narawang duh salempay sutra
geuning nyidem harepan.
Salempay sutra disulam mangrupa kembang
tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih.
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 22:03

Samoja

Kedalna asih na bulan pinuh mamanis
hiji jangji pasini na rasmining wanci
mangsa samoja jongjon kembangan
duh eulis, langit lénglang
angin rintih dina ati, aduh.

Lalakon lawas na bulan pinuh katineung
aya jangji pasini nu henteu ngajadi
mangsa samoja geus ngarangrangan
duh ieung, langit angkeub
samagaha dina haté, duh.

Ayeuna kantun waasna, jungjunan
lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan
kamari nu pamit, kamari nu pamit
datang deui na kalangkang.

Ayeuna tinggal ngangresna,
jungjunan
lalakon nu pegat disambung
ngan ku ciptaan
kamari nu leungit, kamari nu leungit
rék lebeng mo deui datang.

Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 22:04

Sariak Layung

Sariak layung di gunung
iber pasini patepung lawung
teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung
eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh

Haréndong meuhpeuy harideung
jalan satapak rarambu leuweung
kumalangpang ronghéap nu kapitineun
geeh, ronghéap nu kapitineung, duuh

Surya surup layung hibar
ka tanjakan sawangan diumbar
geus ngolébat, ieuh, samar-samar
hariring asihna kapireung ngalalar

Angin tiis ti mumunggang
katitipan haréwos kamelang
tawis deudeuh, ieuh, nu maranti
sungkeman kahéman saranggeuy malati.
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime13/1/2012, 22:04

Wengi Énjing Tepang Deui

Disimbutan ku halimun
diaping ku indung peuting
lalaunan ngalayangna
sukma ninggalkeun jasmani
emh, aduh, sukma ninggalkeun jasmani

ngalayang ka awang-awang
rét nepangan ka nu tebih
nepungan ka urang gunung
malati di pinggir pasir
kakara pisan ligar
nakapendakna tacan lami
katuruban dangdaunan
kahempi ka nagara sari.

Kembang diburu dirungrum
sawengi henteu kapanggih
hawar-hawar sora hayam
ciri parantos janari
nu nyumput téh humarurung
teungteuingeun milik diri

harianeun teuing kadar
misahkeun anu keur asih
kembang nganggo dihalangan
ditundung ku indung peuting.

Gunung geus aya di pungkur
indit haté mah murilit
duh, indit haté mah murilit.

Miang gé da sumoréang
Parangtritis kapiati
aduh enung pileuleuyan
wengi énjing tepang deui,
duh, aduh, wengi énjing tepang deui.

patapan henteu kalanglang
raraosan mah sawarsih
emh, aduh, raraosan mah sawarsih


Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime18/1/2012, 13:29

Dikantun Tugas

Calik dina bangbarung anteng ngahurun balun
Nyawang anu ngalangkung sedih manahna wuyung
Emut ka sang panutan ngantun mangbulan-bulan
Lami henteu nyeratan wartos ti medan perang

Nanging nu geulis sadar sarta manahna sabar
Pasrah iklas tur rela jujur sarta satia

Rampak : Bral! Miang! Tatandang ka medan perang
Jig indit tarapti ka medan bakti
Kleung angkleung! Kabawa ombak-ombakan
Keueueng ludeng! Ngabela kamerdekaan

Myanggem lebet manahna aduh engkang iraha
Kempel sareng sadaya mulih ti medan laga
Abdi nu ngantos-ngantos mugi pasihan wartos
Nanging abdi tos ngarti engkang lanang sajati

Abdi moal cangcaya margi tos sawajibna
Abdi ngaraos bangga engkang pahlawan bangsa

Rampak : Bral! Miang! Tatandang ka medan perang
Jig indit tarapti ka medan bakti
Kleung angkleung! Kabawa ombak-ombakan
Keueueng ludeng! Ngabela kamerdekaan

Margi abdi tos ngarti engkang alat nagari
Anu nuju ngabasmi nempur musuhna RI
Abdi teu perlu rempan tebih sareng panutan
Asal nagri raharja ma’mur mukti wibawa

Najan urang patebih langgeng tetep miasih
Batin tetep pacaket sareng nu dipimeumeut

Rampak : Bral! Miang! Tatandang ka medan perang
Jig indit tarapti ka medan bakti
Kleung angkleung! Kabawa ombak-ombakan
Keueueng ludeng! Ngabela kamerdekaan

Dasar istri sajati teguh sarta gumati
Tara keuna panggodatuhu ka carogena
Tetep nyaah tur cinta ka nu ngantunkeun lunta
Anu nuju bebela ngemban tugas nagara

Wengi teu weleh nyaring ngantos panutan sumping
Siang asa lalewang ngantos sang raka mulang
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime18/1/2012, 13:33


BULAN SAPASI

Bulan sapasi, siga nyaksi diri abdi
Pias-pias sagala paninggal
Katambias ge panginten

Angin asih nu mimiti
Teu deui ngelusan diri
Digentos ku angin bajra
Matak sedih jeung nalangsa

Harepan kiwari ukur harepan
Da bentang di langit masih baranang
Harepan sugan sing jadi putusan
Da Engkang masih osok neang datang

Aduh matak paur
Lamun diri katalanjur
Sanajan diri tinggal sapasi
Alim jadi laip diri
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime18/1/2012, 13:35


Botol Kecap

Cobi taksir abdi nu jangkung lenjang
Sok piraku salira henteu kagendam
Mun ditilik ti gigirna mani cantik
Mun diteuteup ti hareup pameunteu sieup

Cobi taksir abdi nu herang mencrang
Sae basa tara kersa jalan-jalan
Mun diwulang ngeluk tungkul kokompodan
Mo ngisinkeun margi kagungan turunan

Cobi taksir abdi nu jangkung lenjang
Sok piraku sbapa teh henteu kagendam
Da abdi mah masih nyentring-nyentring keneh
Ulah rempan pami bapa bade mandang

Yu hayu urang sareng rerendengan
Da abdi mah teu acan gaduh tunangan
Entong gimir pami bapa bade naksir
Tong salempang pami bapa bade mandang

Cobi taksir abdi nu jangkung ageung
Sok piraku bapa teu matak nineung
Da abdi mah masih banter-banter banter
Komo lamun kasorot neon cahayana enjoy-enjoyan
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime18/1/2012, 13:37

Bajing Luncat

Bajing luncat, bajing luncat ka astana,duh
Abdi lepat narosan teu tianggalna
Bajing luncat, bajing luncat ka astana,duh
Abdi lepat narosan teu tianggalna
Panyana mah Eneng teh dulang tinande
Nu dipicangcam tina ngajakan imut
Tos paheut mah, Eneng teh direndengankeun
Moal lipur ku sataun, euleuh ngubaranana

Bajing luncat, bajing luncat ka astana,duh
Abdi lepat narosan teu tianggalna
Bajing luncat, bajing luncat ka astana,duh
Abdi lepat narosan teu tianggalna
Ku teu sangka Eneng teh bet luas iklas
Teu hawatos kanu kersa ngantos-ngantos
Tapi teu emut kana jangjina
Jangji keur pakait ati, euleuh pakait ati
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime18/1/2012, 13:38

Awet Rajet

Rumah tangga jeung manehna
Geus teu kaitung lilana
Ti bujangan jeung parawan
Nepi ka geus reuay anak

Ari jodo tetep pageuh
Tapi sok raribut bae
Teu kaop salah sautik
Babari pisan mundelik

Nya atuh kedah kumaha
Rumah tangga jeung manehna
Sakitu anak geus loba
Manehna euweuh elingna

Tengah peuting jemplang jempling
Di jujurung nitah balik
Rek balik-balik kamana
Indung bapa geus teu boga
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime18/1/2012, 13:39

BULAN DAGOAN
1
Bulan,…. Bulan,… kuring dagoan!
Tepikeun raga katineung
Pangbejakeun kuring wuyung
Keur bingung puyang-payengan

Bulan,…. Bulan,… kuring dagoan!
Tepikeun raga katineung
Pangbejakeun kuring wuyung
Keur bingung puyang-payengan

Da manehna tangtu melong
Peuting ieu keur ngabungbang
Bulan,.. bulan,.. kuring dagoan
Tepikeun raga katineung

2
Bulan,…. Bulan,… kuring tulungan
Pangnepikeun ieu lagu
Keset rebab anu jentre
Mirig lumengisna hate

Bulan,…. Bulan,… kuring tulungan
Pangnepikeun ieu lagu
Keset rebab anu jentre
Mirig lumengisna hate

Bongan kuring ditinggalkeun
Disepikeun ngan sorangan
Bulan…… Bulan! Kuring tulungan
Pangnepikeun ieu lagu

3
Bulan,…. Bulan,… kuring dagoan
Ulah buru-buru mulang
Ieu kuring cuang cieung
Ka saha kuring midangdam

Bulan,…. Bulan,… kuring dagoan
Ulah buru-buru mulang
Ieu kuring cuang cieung
Ka saha kuring midangdam

Lamun anjeun rusuh pundung
Bulan ulah waka mulang
Bulan,…. Bulan!.. kuring dagoan
Ulah buru-buru mulang
Kembali Ke Atas Go down
Sponsored content





RUMPAKA KAWIH SUNDA Empty
PostSubyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA   RUMPAKA KAWIH SUNDA Icon_minitime

Kembali Ke Atas Go down
 
RUMPAKA KAWIH SUNDA
Kembali Ke Atas 
Halaman 1 dari 1
 Similar topics
-
» video lagu pop sunda
» LIRIK LAGU POP SUNDA
» Pantun Sunda
» Nasib kasenian sunda
» Saha Nu kagungan suanten sae kanggo pop sunda

Permissions in this forum:Anda tidak dapat menjawab topik
Wargi Bandung Salapan :: Ngadu Bako bari nginum kopi :: Musik-
Navigasi: