badeur pernah ninggal nu namina nyi kunti teh ciga kumaha???
badeur tos kana 3x mendak nyi kunti di beda2 tempat, tapi badeur can pernah ninggal anjeunna ninggal badeur(Alhamdulillah) da saleresna mah bdeur ge cieun
Tipayun nuju uwih di rerencangan,badeur jeung rencangan uwih kabumi 2an,tapi di gang nu bade uih ka teun rencangan kadangu sora soang tarik, rencangan mah namina ucok tos apal boh di payun aya nyi kunti kumargi budak eta mah teu aneh dui ninggal nu gaib2 kitu mah pas badeur dibejaan boh dihareup aya nyi kunti, badeur jeung ucok ngahaja nyampeurkeun, bari geumper jeung sieun. Badeur ninggali aww buuk panjang leumpangna gubay geboy ciga entog leumpang nu disebut nyi kunti tea iicchhh sreem :albino:
ucok kalakah nuturkeun eta nyi kunti geura eta tukangeunna, badeur ge ngilu nuturkeun weh da rek kamana dui bari sieun oge sampe ka susukan eta nyi kunti leungit nu kaluar kalakah kebul haseup bodas.
pas di imah ucok badeur teu bisa sare jadi ngobrol weh jeung ucok teh bari nyarita nu bieu,
badeur teh ngomong : cok kumaha lamun pas dituturkeun bieu eta nyi kunti malik? kabayang da mun malik ciga kumaha akhirna
ucok ngomong "moal malik deur da eta nyi kunti ge apaleun boh 2an teh nuturkeun,kusabab urang 2an wani eta nyi kunti pasti moal malik da sieuneun bengeutna katinggali
badeur percaya teu percaya.
kadua kalina panggih jeung nyi kunti teh balik diciwidey jam 1an, lewat ka kuburan balikna teh k porib da ngarah gancang nepi ka imah babaturan teh.
kabehna 5 motor kabeh boncengan kecuali 1motor, pas daerah porib eta nu teu ngabonceng jadi laun majuna,lila kalilaan katenjo nyikunti ngilu di bonceng,barudak nu sejen ge narempo boh aww nu buuk panjang teh di tukangeunna ngan tungkul weh,nu ngaboncengna mah teu nyadar, ngan pas ngaromong di tukangeunna aya nyi kunti, eta nyikunti hibeur geura iiiccchhh
nu katilu na mah pas bulan puasa jam 2an, badeur khan jeung babaturan diimah song ngahudangkeun nu saur di garandengan :d
pas ngalewat ka imah kosong eta kaen bodas hibeur, tapi jadi haseup bodas, akhirna mah lalumpatan da sarieuneun