Wargi Bandung Salapan
Hatur nuhun kana kasumpinganna baraya
sok klik tombol login upami bade lebet
upami teu acan janten member, teu aya lepatna upami daftar di ieu forum, mangga klik tombol pendaftaran
hatur nuhun

haturan ti simkuring

admin sareng rerencangan saparakanca
Wargi Bandung Salapan
Hatur nuhun kana kasumpinganna baraya
sok klik tombol login upami bade lebet
upami teu acan janten member, teu aya lepatna upami daftar di ieu forum, mangga klik tombol pendaftaran
hatur nuhun

haturan ti simkuring

admin sareng rerencangan saparakanca
Wargi Bandung Salapan
Would you like to react to this message? Create an account in a few clicks or log in to continue.


WILUJEUNG SUMPING BARAYA
Forum Komunitas Chat Room Bandung Salapan, sarana berbagi dan mempererat persaudaraan
Mangga ulah isin2 teras we kalebet sakantenan anggo sendalna
 
IndeksWilujengSumpingGalleryPencarianLatest imagesPendaftaranLogin
PENGUMUMAN KASADAYANA MEMBER WAJIB DIBACA MANGGA KLIKDIDIEU
Pilihan
 Wilujeung Sumping
 Indeks
 Anggota
 Profil
 FAQ
 Pencarian
Login ka email bandung salapan
Login
Username:
Password:
Login otomatis: 
:: Lupa password?
Pencarian
 
 

Display results as :
 
Rechercher Advanced Search
Latest topics
» Obat Alami Penurun Kolestrol Anak
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime16/1/2015, 08:56 by neng ikeu

» Cara Alami Menurunkan Tekanan Darah Tinggi
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime16/1/2015, 08:54 by neng ikeu

» Cara Menghilangkan Benjolan Di Anus
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime6/1/2015, 11:23 by neng ikeu

» Nutrisi Daya Tahan Tubuh Alami
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime6/1/2015, 11:21 by neng ikeu

» Agen Slimming Capsule Terbesar Dan Terpercaya
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime1/1/2015, 10:06 by neng ikeu

» Minyak Ikan
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime1/1/2015, 10:02 by neng ikeu

» Obat Liver Dan Ginjal
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime12/11/2014, 11:44 by kuuljoger

» cara mengatasi pegal linu di bagian kaki
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime24/10/2014, 14:23 by kuuljoger

» cara mengatasi radang usus 12 jari dengan cepat
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime21/10/2014, 14:05 by kuuljoger

» cara mengobati hepatitis kronis
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime11/10/2014, 11:19 by kuuljoger

» tips mengobati campak pada bayi
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime2/10/2014, 15:27 by kuuljoger

» cara mengobati campak pada anak bayi
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime2/10/2014, 15:26 by kuuljoger

» nepangkeun
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime8/9/2014, 09:01 by aeptea69

» Salam Manis
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime5/9/2014, 15:22 by kuuljoger

» Perkenalan Heula Atuh
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime19/4/2014, 10:13 by Ujang Poheng

Perkenalan Heula Atuh
Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime19/4/2014, 10:13 by Ujang Poheng
Askum kang admin, Baraya ti kota atuh dulur nu ti lemburrr nepangkeun abdi pituin urang …

[ Full reading ]
Comments: 0
Buku Tamu
April 2024
MonTueWedThuFriSatSun
1234567
891011121314
15161718192021
22232425262728
2930     
CalendarCalendar
User Yang Sedang Online
Total 17 uses online :: 0 Terdaftar, 0 Tersembunyi dan 17 Tamu :: 1 Bot

Tidak ada

User online terbanyak adalah 89 pada 13/2/2024, 19:20
Statistics
Total 2842 user terdaftar
User terdaftar terakhir adalah yosqi habibulloh

Total 4339 kiriman artikel dari user in 712 subjects
Top posters
ci_Badeur
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcapRumpaka kawih kapesindenan I_voting_barRumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap 
direktur_bdg9
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcapRumpaka kawih kapesindenan I_voting_barRumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap 
garotis_79
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcapRumpaka kawih kapesindenan I_voting_barRumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap 
fanny_inochi
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcapRumpaka kawih kapesindenan I_voting_barRumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap 
Admin
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcapRumpaka kawih kapesindenan I_voting_barRumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap 
dank_thea
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcapRumpaka kawih kapesindenan I_voting_barRumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap 
doetz86
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcapRumpaka kawih kapesindenan I_voting_barRumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap 
Timen
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcapRumpaka kawih kapesindenan I_voting_barRumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap 
ronghok
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcapRumpaka kawih kapesindenan I_voting_barRumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap 
anfuk_cjr
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcapRumpaka kawih kapesindenan I_voting_barRumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap 
Poll
numutkeun baraya tampilan ieu forum kumaha...???
1. Sae Pisan
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcap44%Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap
 44% [ 232 ]
2. Lumayan
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcap31%Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap
 31% [ 165 ]
3. Kirang Sae
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcap5%Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap
 5% [ 25 ]
4. Goreng Patut
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcap8%Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap
 8% [ 40 ]
5. Ahk Teu Apal
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcap4%Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap
 4% [ 23 ]
6. Ya gitu dech
Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_lcap8%Rumpaka kawih kapesindenan I_vote_rcap
 8% [ 43 ]
Total Suara : 528
Gallery
Rumpaka kawih kapesindenan Empty

 

 Rumpaka kawih kapesindenan

Go down 
PengirimMessage
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

Rumpaka kawih kapesindenan Empty
PostSubyek: Rumpaka kawih kapesindenan   Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime24/1/2012, 22:55

Entog Mulang
Macapat

Entog ngojay dina leuwi
Bulak balik hilir girang
Naha…….. teu diangon bae
Diangon ka muarana
Muara anu baheula
Diditu….. di Cikapundung
Sasakala Sangkuriang
Entog mulang, entog mulang
Ibu! Bapa! Euceu!
Entog mulang kadiukeun
Duh…… kadieukeun…

Pirigan: Kulu Kulu Bem

Bati ceurik dina ati
Ka saha nitipkeun rasa
Sumelek pangeusi hate
Sangkan henteu sumoreang
Duh diri wungkul tugenah
Kumambang nandangan wuyung
Kumalayang ku kabingbang

Batin teu kanti ririwit
Rasa teu weleh tunggara
Hate lir nu direrejet
Sumiak ngarangsang bayah
Peurih lir nu digerihan
Jajantung asa rek tutung
Ingetan mungguh lap-lapan

Mun peuting sok asa gering
Bray beurang ngabarungsinang
Hate tugteg sumeredet
Sumeblak rasa kamelang
Keeling teu daek anggang
Ari ras bati rumahuh
Kumolekat jero cipta

Gunung Salak lir nu ceurik
Melas melis jeung midangdam
Tumetes rasaning ati
Sumambat henteu katahan
Saibaratna cihujan
Henteu raat-raat ngeprul
Alam endah nandang brangta
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

Rumpaka kawih kapesindenan Empty
PostSubyek: Re: Rumpaka kawih kapesindenan   Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime24/1/2012, 22:56

Daun Pulus Keser Bojong
Pirigan: Mandiri

Na handeuleum aya katineung
Na hanjuang aya kamelang
Daun pulus lalambaran
Kahoyong pasti kasorang

Lamping pasir piluweungan
Harendong jangkung di gunung
Alam endah tambah endah
Endahna lir cinta urang ieung..

Masing kasawang aduh kembang kamelang
Raranggeuyan beureumna manjang harepan
Naha atuh iraha bagja diri tinekanan
Mulus ngempur hurung nangtung
Laksana mun siang leumpang, aduh.

Daun pulus, daun pulus
Lalambaran-lalambaran
Nyeri teuing mun teu tulus
Mibanda ukur sangkaan
Hirup ukur ngindung waktu
Nyorang lampah anu lambat
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

Rumpaka kawih kapesindenan Empty
PostSubyek: Re: Rumpaka kawih kapesindenan   Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime24/1/2012, 22:58

Cahya Sumirat
Pirigan: Mandiri
Langendria :
Paingan atuh paingan
Teu tebih ti sangka ati
Agan kagungan panyawat
Panyawat nu langkung lantip
Teu kaop lepat saeutik
Agan barbarian bendu
Rupi midamel lantaran
Hoyong pirak sareng abdi
Da Agan ma – rupi nu teu sayaktosna

Panonpoe tunggang gunung, sinar layung ngenclong kuning
Gumilang kunang-kunangan, dumeling lir meunang nyangling
Awang-awang narawangan, lenglang taya aling-aling

Kuwung-kuwung nu melengkung, gumilang ku mendung asri
Manikem ratna komala, ngancik dina cahya manic
Kawas malige salaka, lalangse puri apsari

Sinar layung mendung wuyung, panggendam panghudang resmi
Cahyana panghudang rasa, rasa tumitis jasmani
Sinar tepung atma sukma, ginulur jmpling ngahening

Meleber mawur ngahiung, angin silir ngahiliwir
Sumebar nyebarkeun sekar, meleber ambar kasturi
Mungkas sakur kasukeran, ingkar ligar piker ketir
Suwung gunung kapirangrung
Pinareng senang ngahening
Sirna raga sirna rasa
Keur jempling ngong sora suling
Galindeng angin-anginan
Nyoreang rea ka eling

Sampyung ngapung ka manggung
Nganteng manteng tali gaib
Araranggang panineungan
Ras eling ka lemah cai
Lembur matuh panglayungan
Bruh breh kacipta ku ati
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

Rumpaka kawih kapesindenan Empty
PostSubyek: Re: Rumpaka kawih kapesindenan   Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime24/1/2012, 22:59

Botol Kecap

Cobi taksir abdi nu jangkung lenjang
Sok piraku salira henteu kagendam
Mun ditilik ti gigirna mani cantik
Mun diteuteup ti hareup pameunteu sieup

Cobi taksir abdi nu herang mencrang
Sae basa tara kersa jalan-jalan
Mun diwulang ngeluk tungkul kokompodan
Mo ngisinkeun margi kagungan turunan

Cobi taksir abdi nu jangkung lenjang
Sok piraku sbapa teh henteu kagendam
Da abdi mah masih nyentring-nyentring keneh
Ulah rempan pami bapa bade mandang

Yu hayu urang sareng rerendengan
Da abdi mah teu acan gaduh tunangan
Entong gimir pami bapa bade naksir
Tong salempang pami bapa bade mandang

Cobi taksir abdi nu jangkung ageung
Sok piraku bapa teu matak nineung
Da abdi mah masih banter-banter banter
Komo lamun kasorot neon cahayana enjoy-enjoyan
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

Rumpaka kawih kapesindenan Empty
PostSubyek: Re: Rumpaka kawih kapesindenan   Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime24/1/2012, 23:00

Beger Pakokolot
Pirigan: Cangkurileung

Teu ngukur kakujur nilik kaayaan
Sok ngalajur nafsu jeung ngumbar amarah
Ku barudak ngora embung eleh peta………… (liren)
Resep keneh kokoboyan
Beger pakokolot, euleuh beger pakokolot

Mang…..ngeureuyeuh henteu reureuh-reureuh
Kamari kapanggih jeung beubeureuh
Euleuh-euleuh euweuh kaseubeuh
Beuki lila sok beuki maweuh ………… (liren)
Asup kana paribasa
Beger pakokolot, euleuh beger pakokolot

Najan usum hujan teu jadi rintangan
Ngajanteng di jalan bari heheotan
Nyiar kasempetan sugan manggih layan ……. (liren)
Teu inget kulit geus kenyod
Beger pakokolot, euleuh beger pakokolot

Mang…. Minculak teu ngareret anak
Resep maen mata ngadilak jeung nyeta
Marukanana dipikaheroy para mojang bakal kabongbroy
Aki-aki teu uyahan
Beger pakokolot, euleuh beger pakokolot

Nasehat teu metu carek teu digugu
Malah tambah husu pinuh eusi suku
Mun dibere saran kalah nyarekan.. (liren)
Ngablamblam panon molotot
Beger pakokolot, euleuh beger pakokolot

Sakali mah reuwas bangun nu baluas
Panon kurang awas naksirna teu jelas
Nutur nutur mojang kur leumpang
Daham dehem nowel ti tukang… (liren)
Barang breh incu sorangan
Beger pakokolot, euleuh beger pakokolot
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

Rumpaka kawih kapesindenan Empty
PostSubyek: Re: Rumpaka kawih kapesindenan   Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime24/1/2012, 23:01

Awet Rajet

Rumah tangga jeung manehna
Geus teu kaitung lilana
Ti bujangan jeung parawan
Nepi ka geus reuay anak

Ari jodo tetep pageuh
Tapi sok raribut bae
Teu kaop salah sautik
Babari pisan mundelik

Nya atuh kedah kumaha
Rumah tangga jeung manehna
Sakitu anak geus loba
Manehna euweuh elingna

Tengah peuting jemplang jempling
Di jujurung nitah balik
Rek balik-balik kamana
Indung bapa geus teu boga
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

Rumpaka kawih kapesindenan Empty
PostSubyek: Re: Rumpaka kawih kapesindenan   Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime24/1/2012, 23:03

KA ABDI
1. GILER PANON
Pasosore jalan-jalan beberenjen
Najan iuh nganggo kacamata Ray Ban
Soca buni gular-giler ka nu herang
Semu lungguh padahal mata keranjang
Deuh Ray Ban pindah kana tarang
Soca mencrong ka istri lenjang
Sanes ka Bapa! Sanes ka Juragan
Sanes ka itu ka ieu, tapi “ngiler” ka abdi

2. NGAJAK IMUT
Di bioskop pependak keur ngantay karcis
Ngajak imut bari muril-muril kumis
Sagebrayan katawis waosna palsu
Tilas geubis tisuksruk di pasar baru
Deuh waos keur nutup nu ompong
Ngajak imut kantongna kosong
Sanes ka Ibu! Sanes ka Zus Donto
Sanes ka itu ka ieu, tapi imut ka abdi

3. NYURATAN
Myokot vulpen gutrut nulis tumpang kaki
Pajarkeun the “aku cinta sampe mati”
Rek dibikeun jiwa raga keur nu lenjang
Harta banda eta mah keur naur hutang
Surat nu keur dipicangcam
Aksarana lir “cakar hayam”
Sanes ka anjeun! Sanes ka andika!
Sanes ka itu ka ieu, tapi surat ka abdi

4. MAHUGI
Tas gajihan balanja ka Pasar baru
Meuli encit, esbonbon jeung kulub cau
Dibungkusna make saputangan kaci
Sura-seuri bungkusan eukeur mahugi
Mahugi jeung ngelek bungkusan
Di jalan nungtut di daharan
Sanes kanggo Oom! Sanes keur ka Tante
Sanes keur itu keur ieu, tapi ngirim keur abdi

5. JANGJI
Pajar maneh Engkang the keur giung lanjung
Sumpahna ge “daek medu daek busung”
Aku janji seb’lum matahari terbit
Sama-sama kita sudah makan duit
Janji bakal mileuleuheungkeun
Sumpah moal dipangnyandungkeun
Sanes ka Meneer! Sanes ka Mevrouw!
Sanes ka itu ka ieu, tapi janji ka abdi

6. NANYAAN
Pajarkeun teh urang kawin isuk-isuk
Tong salempang mas kawin bias dianjuk
Urang nanggap wayang golek pakaulan
Cari untung ngarah loba nu nyambungan

Hayu Eulis urang kawin gancang-gancang
Sing percaya ieu Engkang masih bujang
Di bumina putra jeung garwa arambek
Naha papih sering teuing opperwerek
Nanyaan nu teu make modal
Lekker kost nu zonder kapitaal
Sanes ka Aceuk! Sanes ka Ayi!
Sanes ka itu ka ieu, tapi nanyaan abdi
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

Rumpaka kawih kapesindenan Empty
PostSubyek: Re: Rumpaka kawih kapesindenan   Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime24/1/2012, 23:04

Humandeuar
Pirigan: Mandiri

Humandeuar ngedalkeun gerentes hate
Ngabogaan cita-cita can laksana
Maksud hayang ngajungjung seni pribadi
Seni Sunda anu mulya

Mikaheman miara kabudayaan
Geus ngajadi kawajiban putra Sunda
Ngagem pancen ngajaga tur ngamumule
Pikeun kaagungan bangsa

Hayu rampak saluyu sing sauyunan
Kasenian ngajadi cirri
Cicirn mulyana bangsa
Diukur ku ajen senina
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

Rumpaka kawih kapesindenan Empty
PostSubyek: Re: Rumpaka kawih kapesindenan   Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime24/1/2012, 23:07

Hiji Catetan
Pirigan: Mandiri

Geus lawas carita urang duaan
Anu munggaran nyicikeun asih kamelang
Teu laas sanajan pada nyorangan
Kedalna lisan satia rek babarengan

Harepan ngayunkeun ka mega malang
Rek mipit bentang laksana nganjang ka bulan
Mekarna kembang endah pangharepan
Ngotret ingetan mukakaeun hiji catetan

Tapi kiwari ngan kuring anu ngageuri
Cuang cieung ngan sorangan
Honcewang hate baluweng

Nu miasih dipeupeurih
Nu mitineung ditinggalkeun
Teu sangka ku jalir jangji
Ku harianeun
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

Rumpaka kawih kapesindenan Empty
PostSubyek: Re: Rumpaka kawih kapesindenan   Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime24/1/2012, 23:09

Gogoda
Pirigan: Macan Ucul

Mulih timana geuning angkat nyalira
Dangdos mani direka mirip anu ngora

Pahili jeung putra
Kade poho ka rumah tangga
Sing tahan gogoda
Aduh-aduh sing asak riksa

Mun indit ondangan duit dikantongan
Bojo disumputan, hoyah! Maling aturan

Cingcangkeling manuk cingkleung cindeten
Pating kuriling reak neangan pijodoeun

Gogoda senang watekna hayang nyandung
Tapi pameget wenang sanajan dihadang

Teu aya karingrang
Najan bojo galak jeung lancang
Bet kalah gumujeng
Manahoreng sok beuki anteng

Najan beunang nguji, bojo tambah hiji
Eta nasib diri, horeng gogoda rijki

Cingcangkeling manuk cingkleung cindeten
Pating kuriling rek neangan pibojoeun

Miyuni ku-ul gawe ukur ngajentul
Najan daek ngadekul nunggu sangu ngebul

Leuheung mun teu gembul
Henteu cara dititah macul
Kalah hual-hiul
Alesan mah keur nyeri bisul

Saha hayang unggul, kana gawe mumul
Dicempad murugul, eta gogoda ngedul

Cingcangkeling manuk cingkleung cindeten
Pating kuriling rek neangan pijodoeun

Ngadadak robah maen madon dicegah
Jiga nu leuwih bungah boga pangabetah

Baris tumaninah rea harta moal awuntah
Rumah tangga genah, aduh-aduh mo nyorang susah


Sinden ngalalakon digemar panongton
Kahayangna cumpon kade ulah guguyon

Cingcangkeling manuk cingkleung cindeten
Pating kuriling reak neangan pijodoeun

Seueur godaan panyakit persatuan
Anu beda tujuan henteu sauyunan

Jadi pacengkadan timbul napsu nu teu karuan
Leungit kasadaran, kade-kade urang sing tahan

Tuju kajujuran tilik kabangsaan
Panyakit jauhan, pasti moal kapiran

Cingcangkeling manuk cingkleung cindeten
Pating kuriling reak neangan pijodoeun

Nu matak noda laku lampah nu nirca
Ku sasama dicela jeung dipikangewa

Ngalanggar susila watekna teh matak cilaka
Pamilih sampurna hamo arek meunang dodoja

Istri nu sajati, pamegetna asli
Pada tahan uji, jauh tina balai
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

Rumpaka kawih kapesindenan Empty
PostSubyek: Re: Rumpaka kawih kapesindenan   Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime24/1/2012, 23:12

Geter Panineungan
Pirigan: Bungur Sorog

Tangkal bungur anjungan kari waasna
Ngunder asih jeung subaya
Bakat ku deudeuh jeung cinta jungjunan

Keur reureuh layeut kadeudeuh
Lengket masket abu pageuh
Jeung beubeureuh nu geus maneuh

Jadina dina mumunggang
Paranti kuring ngabungbang
Marengan lagu kamelang, geuning

Hariring galindeng tineung
Samar diri bias reujeung
Kantun kuring cuang cieung
Tangkal bungur panineungan
Kembangna layung kuwungan
Wangi kembang siang wengi
Nyimpaykeun gerentes ati nu teu ngajadi
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

Rumpaka kawih kapesindenan Empty
PostSubyek: Re: Rumpaka kawih kapesindenan   Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime24/1/2012, 23:13

Gentra Pancasila
Eutik Muchtar – S. Priyatna
Pirigan: Kajaksan 1 ½ wlt

Garuda Pancasila
Lambang Indonesia
Nu masyhur ka gurnita sajagat buana
Dadasar nagara nu teguh santosa
Nuju ka alam jaya
Ngarengsekeun Ampera

Dasar nagara Pancasila anu utama
Nu ku sarerea urang dama-dama
Tekadkeun amal nu nyata
Ulah ukur ku carita
Malar buru-buru karasa
Nagri adil ma’mur sing rata walatra

Lambang kajayaan ngahontal tujun
Pancasila ageman pancer kayakinan
Hasil panggalian tabeat sorangan
Nu cinta perdamaian dunya kasaluyuan

Anu nedunan adat bakat kapribadian
Nu teu pupulasan tur lain injeuman
Pancasila kaaslian teges budaya sorangan
Keur panyimpay bali mimitran
Pancasila andena cikahuripan

Garuda Pancasila raja jomantara
Gambaran Indonesia luhur komarana
Lebar pangaruhna teu aya watesna
Nagrina kakoncara
Bangsa nu terkemuka

Geus cumarita umat-umat sajagat raya
Khususna nagara Aprika Asia
Ngahiji jadi baraya sahate teu pasalia
Berjoang keur ngabela hakna
Indonesia anu jadi imamna
Kembali Ke Atas Go down
kang yayat
Calon RT
Calon RT



Male
Jumlah posting : 113
Age : 58
Lokasi : bandung
Registration date : 02.11.11

Rumpaka kawih kapesindenan Empty
PostSubyek: Re: Rumpaka kawih kapesindenan   Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime24/1/2012, 23:15

Genjlong Jaipong
Pirigan: Mandiri

Jaipongan jaipongan
Cirri mandiri Priangan
Maneuh di alam Priangan
Wanda asli Karawangan

Topeng banjet nu mimiti
Nu mawa asal carita
Nyebar ka hiji lalaki
Bibitna ti Bojongloa

Bandung katelah kotana
Ngageunjleung balarea
Ditanggap di saban kota
Jaipongan dimana-mana

Ayeuna atos ngabukti
Katampi ku sadayana
Bukti nu nyandak mandiri
Pamungkas awal carita
Kembali Ke Atas Go down
Sponsored content





Rumpaka kawih kapesindenan Empty
PostSubyek: Re: Rumpaka kawih kapesindenan   Rumpaka kawih kapesindenan Icon_minitime

Kembali Ke Atas Go down
 
Rumpaka kawih kapesindenan
Kembali Ke Atas 
Halaman 1 dari 1
 Similar topics
-
» RUMPAKA KAWIH SUNDA
» Kumpulan Rumpaka lagu Kawih sunda

Permissions in this forum:Anda tidak dapat menjawab topik
Wargi Bandung Salapan :: Ngadu Bako bari nginum kopi :: Puisi & Sisindiran Sunda-
Navigasi: