Hatur nuhun kana kasumpinganna baraya
sok klik tombol login upami bade lebet
upami teu acan janten member, teu aya lepatna upami daftar di ieu forum, mangga klik tombol pendaftaran
hatur nuhun
haturan ti simkuring
admin sareng rerencangan saparakanca
WILUJEUNG SUMPING BARAYA Forum Komunitas Chat Room Bandung Salapan, sarana berbagi dan mempererat persaudaraan Mangga ulah isin2 teras we kalebet sakantenan anggo sendalna
PENGUMUMAN KASADAYANA MEMBER WAJIB DIBACA MANGGA KLIKDIDIEU
Jumlah posting : 58 Lokasi : PARIS VAN JAVA Registration date : 19.11.08
Subyek: Agul Tatoo.... 28/11/2008, 16:30
Agul Tato Tilu budak keur silih agulkeun tato lanceuk-lanceukna. Budak 1: “Lanceuk urang mah tato na awakna mani nyeni teh. Gambar hulu naga keur pabeulit jeung kuda lumping.” Budak 2: “Komo tato lanceuk urang mah alus pisan. Gambarna gajah, na handapeunana aya tulisan hade pisan, “Badak Bercula Panjang”. Budak 3: “Kurang hebat kabehanana ge dibandingkeun jeung tato nu aya dina tonggong lanceuk urang mah.” Budak 1 & 2: “Gambar naon kitu?” Budak 3: “Lain gambar euy, tatona teh aksara wungkul anu unina, “Merokok dapat menyebabkan kangker, serangan jantung, impotensi, dan gangguan kehamilan dan janin. Hebat lin? Kawas bungkus !
Jumlah posting : 68 Lokasi : cianjur,banjaran, bandung Registration date : 06.11.08
Subyek: Re: Agul Tatoo.... 29/11/2008, 05:16
huuh tapi kabayang lamun cucuk lauk paus mah rek dimana ngagambarna meureun nya.........tapi sabalikna lamun cucuk kutu, lieur atuh kudu make kaca eunteung , eh salah kaca pembesar ketang... , ceuk sayah mah preman nu baik hati mah anu make tatto na "do'a ibu sepanjang jalan" jadi manehna rek ngalalana kamana ge pasti berkah. , teu kudu aya nu seuri da teu lucu atuh
Jumlah posting : 171 Age : 33 Lokasi : Kuta-Bali Job/hobbies : Traveling id YM : dank_thea Registration date : 19.11.08
Subyek: Re: Agul Tatoo.... 29/11/2008, 10:21
aya oge do'a ibu sepanjang masa... lain do'a ibu sepanjang jalan... nu alus mah tatto kerokan asup angin di na tonggong we atuuh, keuna pisan seni na tah..